14 Feb 2022

Baramaen Di Hareupeun Kafe

 

Baramaen Di Hareupeun Kafe

Ku Husni Magz

Eka

Tina jandela kuring bisa ngawaskeun karamean di luar. Jandela kafe anu rubak mangrupakeun tempat pikeun ngareureuhkeun kacape. Nyawang panineungan mangsa nu geus karandapan turta kumalayang dina impenan. Baheula, di kafe ieu pisan kuring jeung manehna nyacapkeun kasono. Meakeun waktu anu samporet, tapi mingkin ngageuing kabagjaan jeung asih anu geus dicangreud ku tali jangji pasini. Di tungtung poe, pasosore kuring jeung manehna sok silih gonjak, silih oconan tur ngobrol nepi ka sareupna.

Geus ilahar, kuring jeung manehna datang pasosore. Andri pesen capucino kabeukina. Kuring mesen Matcha anu kentel. Ngahaneutkeun tikoro. Bari nungguan pesenan datang, manehna ngaranggeum rema, paamprok teuteup, maledogkeun imut anu manis taya bandingna.

“Urang tatarucingan yu. Nyaho teu, kabagjaan pikeun kuring mah basajan pisan. Cukup ku neuteup salira, eta teh kabagjaan taya bandingna.” Manehna imut. Imut anu matak deungdeuleueun.

Kuring nyiwit leungeunna. “Gombal kamu mah.”

Manehna ukur seuri maur. Kuring jeung manehna kagareuwahkeun ku datangna pramuniaga. Pananganna naggeuy baki. Sok baki diteundeun dina luhur meja kafe. Haseup leutik nyerebung tina cangkir capucino jeung matcha hejo kentel.

“Mangga.” Pramuniaga nyayagikeun.

“Hatur nuhun,” tembal kuring jeung manehna bareng pisan. Paadu teuteup deui, seuri deui. Pramuniaga indit deui, kuring jeung manehna silih gonjak deui.

“Apal teu, naon sasaruaanna antara cappuccino jeung kamu,” tanya Andri.

“Duka ah, teu terang.” Duka kumaha, gombalan Andri karasa nikmat jeung ngabawa rasa seseblakan dina ati. Kuring yakin eta gombalan teh mangrupakeun tanda kadeudeuh Andri ka kuring.

“Capucino mawa haneut kana letah jeung tikoro. Ari kamu mah ngahaneutkeun hate akang.”

“Ih, geus geura. Tong hayoh wae ngagombal. Geuleuh,” cekeng bari nyiwit deui pigeulangna.

“Geuleuh tapi deudeuh,” manehna balik nyiwit, lain dina pigeulang, tapi dina pipi anu ceuk manehna mah pipi kuring teh teu bina bakpao meunang nyeupan. Ih, pikasebeleun teh.

“Heup! Ayeuna mah bagean abdi,” tempas kuring basa biwir manehna engab deui.

“Tiasa dih?” tanya manehna, cangcaya. Kabeh ge apal kuring mah teu bisa tatarucingan. Teu bisa oge kumaha gagombal.

“Bisa atuh.”

“Naon bedana baramaen jeung kamu,” kuring nunjuk ka luar jandela. Manehna nuturkeun curuk kuring anu keur nunjuk ka baramaen nu keur andekok sila di luar kafe. Nampan ka nu lalar liwat. Di sagigireunna aya karung ngalumburuk jeung gelas pelastik.

“Naha akang disaruakeun jeung baramaen?” tanya Andri. Kerung tapi neuteup anteb.

“Jawab heula,” tembal teh semu ngadesek.

 “Ari baramaeun mah mentaan receh ti nu lalar liwat. Ari akang mah menta cintana anjeun.”

Kuring colohok. Bisa wae ngajawabna teh. Ngagombal deuih. Tapi kuring moal eleh geleng. “Salah.”

 “Tina paromanan Eneng, akang terang yen waleran akang teh bener,” tembal manehna imut. “Teras anu leres kumaha?”

Kuring rehe sajongjongan. Meres otak. Tapi teu nimu naon pijawabeun anu merenah pikeun tatarucingan anu ngan saukur asal pok wae tina letah. Tungtungna mah ukur imut bari gideug. Andri seuri maur deui. Ari geus kitu mah teu diteruskeun tatarucingan teh. Diganti ku jejer obrolan sejen. Ti mimiti jejer pagawean, ngomentaran jalma anu lar sup ka kafe, nu lalar liwat di luar, nepi ka ngomentaran menu kafe. Teu karasa waktu nyerelek. Teu karasa inuman geus imeut. Kuring jeung manehna kaluar ti kafe. Teu poho ngawurkeun receh kana gelas plastik di gigireun baramaen nu teu eureun baceo bari namprakeun leungeun.

Kuring ngarenghap sakedapan. Eta kajadian ngalangkang deui. Mangkaning geus mang taun-taun kalarung dina hate anu simpe. Tapi rarasaan karek Kamari pisan karandapan. Asa karek Kamari silih gonjakan, silih teuteup jeung patarema.

Ayeuna kuring cindeluk dina korsi nu sarua. Dibarengan ku sagelas enteh matcha. Nu ngabedakeun, taya Andri jeung cangkir cappuccino di hareupeun kuring. Simpe.

Geus katilu kalina kuring nganjang ka ieu tempat pikeun ngundeur panineungan anu geus karandapan antara kuring jeung manehna. Kuring sadrah, yen panineungan teh kalan-kalan mawa panyakit. Ngajejewet hate. Tapi dalah kumaha, sok sanajan peurih tapi nikmat karasana. Rasa sono mangkak na dada.

***

Andri

Sagalana geus taya raratanana. Sakabeh kakayaan, harta banda, pakaya ledis taya raratanana. Kitu oge property bisnis anu mangtaun-taun dipikareueus tur jadi pananggeuhan hirup. Ehm, gusti, geuning naggeuhkeun hirup kana pakaya dibarung poho kana purwadaksi teh tungtungna mah jadi kamalaratan anu taya watesna. Kaduhung taya anggeusna. Lain ukur pakaya, dalah cinta oge teuing kamana ngilesna. Eka geus teu malire. Manehna bati nyeri hate dikakaya jeung dipangnyolowedorkeun mang taun-taun lilana. Sok sanajan kitu, asih pikeun manehna mo leungit tina ati.

Ku alesan eta, kuring sok anteng neuteup ieu kafe panineungan ti kaanggangan.  Kuring sila di gigireun trotoar. Leungeun namprak ka nu lalar liwat. Nungguan anu harade hate ngaragragkeun receh kana gelas plastik anu geus maturan hirup kuring nalika lampar di sapanjang jalan.

Duit kencring beubeunangan teh kalan-kalan cukup jang dahar beurang atawa peuting. Dina kamus hirup kuring ayeuna, kuring teu apal kumaha carana bisa mumuluk isuk-isuk. Komo nyuruput cikopi mah. Dalah kumaha, isuk-isuk sabada nyaring tina amparan kardus urut mi instan, kuring kudu ikhtiar. Teu ngeupeul duit saperak-perak acan. Mun nempo jalma sasarap di saung uduk atawa lontong sayur, matak uruy. Ah, teu nanaon teu bisa mumuluk oge. Nu penting mah beurangna tawa peutingna bisa dahar seubeuh ladang namprak di trotoar jeung lampu merah pertelon. Pernah kuring harita gering, teu kuat kudu namprak bari panas ereng-erengan. Ti isuk nepi ka burit ukur ngaringkuk di imah urut anu bau cucurut, disisimbut lamak butut, diampar kardus urut. Peutingna beuteung kukurubukan. Murilit asa dipeureut. Peurih. Ku pengalaman eta, kuring nyaho yen panon moal bisa peureum mun beuteung henteu dieusian. Jeungna deuih memang moal aya jalma nu bisa tibra sare alatan beuteung kalaparan. Tapi kangaranan baramaen kawas kuring mah, lapar teh minangka geus jadi babaturan hirup.

Jalma beunghar mah teu kudu mikir iraha waktu dahar anu kudu dikorbankeun. Tilu kali sapoe, malah kalan-kalan leuwih, ditambahan ku ngemil itu ieu. Aya duit. Lubak libuk dahareun. Kari pesen. Hoream ngalengkah tinggal pesen layanan drive thru atawa gofood. Jaman ayeuna mah geus canggih tea.

Ari kuring? Kadang sok mikir mun duit beubeunangan dipake dahar beurang, pasti ke peuting teu bisa dahar. Mun waktu dahar beurang dikorbankeun, ke peuting pasti bisa seubeuh. Tong nanya kumaha kuring sasarap. Dalah kuring oge poho iraha kuring panungtungan pernah nyarap.

Ah, pohokeun we urusan beuteung mah. Da mun ngabahas pipeujiteun mah moal aya tungtungna. Tong boro jalma pantar kuring, dalah anggota dewan anu gajihna puluhan juta oge bingung mun ngabahas pipeujiteun mah. Moal aya puasna.  Ayeuna urang bahas bae soal kafe panineungan antara kuring jeung Eka. Kuring mikacinta manehna. Cinta anu taya watesna.  Kadang kuring sok ngagerentes di jero hati. ‘Kumaha mun kuring nyampeurkeun manehna tur menta dihampura.

Ah, moal wasa nyanghareupana oge. Rek diteundeun dimana ieu beungeut? Kuring ngareka-reka dina implengan; kuring datang ka imah urut mitoha pikeun menta dihampura. Kairong kumaha benduna Eka. Kumaha ceuceubna paromanan manehna nalika nempo kuring datang dina kaayaan nu walurat. Kuring pasti bakal ditundung badis anjing budug.

Kaimpleng yen manehna pasti nanya, ‘Anjeun saha?’ Kuring ngawajab, ‘Ieu Akang.’ Mun seug kuring datang.

‘Mantog siah. Tong wani-wani nincak ka ieu buruan!’ kabayang manehna nyarekan lak-lak dasar.

Ah! Piraku. Moal, moal kasar kitu. Kuring mangtaun-taun jadi batur hirupna. Eka mah someah, tara sentak sengor. Tara kuraweud haseum. Paling mun keur kesel teh tibat murukusunu. Eta oge tara lila. Basa papisah oge geuning manehna ukur repeh, teu nyarita-nyarita acar. Biur we indit angkaribung. Can pernah nongtorowelang nyarekan. Najan hatena keur nyeri oge, Eka mah sok milih rehe. Hatena badis sutra.

Kuring ngarenghap panjang. Duga nepi ka iraha kuring nyawang panineungan. Duka nepi ka wayah kumaha kuring ngareka-reka kumaha mun kuring jeung manehna paamprok deui. Ah, moal. Dina enyana paaprok oge kuring mah leuwih milih lumpat. Teu wasa nyanghareupan manehna. Era kabina-bina ku kalakukan kuring baheula. Era geus mindeng pangnyolowedorkeun manehna nepi ka raheut hate.

Dibarung ku imut, lengkah mawa kuring ka hareupeun kafe. Jantung ngadadak ratug. Kasono mingkin rosa. Sono ka Eka jeung panineungan nu lawas kalarung mangsa. Mun seug mangsa bisa dibalikan deui. Mun seug mesin waktu teh enya aya jungkiringna, meureun kuring rek meuli eta mesin waktu pikeun malikan carita anu geus karandapan. Rek ngaropea plot carita kuring jeung manehna. Meureun moal sangsara kawas ayeuna. Mun seug teh enya aya mesin waktu teh, naha kuring kaduga meuli kitu? Sigana mah moal.

Tuh geuning. Ayeuna kuring ngajengjen di hareupeun kafe pisan. Leungeun ngaragamang pesak jins belel. Masih aya keneh duit kencring sarebuan jeung lambaran dua rebu rupia tilu lambar. Hm, cukup sigana keur mayar sacangkir cappuccino mah. Mudah-mudahan we hargana teu naek. Da ka sainget teh, panungtung nongkong di dinya teh tilu taun  ka tukang.

Karek ge nincak lawang panto, pramuniaga neuteup seukeut bari paromanna kuraweud haseum. Badis teuteup anjing nu keur nempo ucing ngaliwat ka hareupeunana. Manehna gancang nyampeurkeun samemeh kuring asup. Harita panon kuring ngulincer, neuteup meja jeung korsi dimana kuring jeung Eka sok maneuh ngawangkong. Enya, meja Beulah juru tea.

Pramuniaga mere duit kencring dua. Sarebuan.

“Kuring datang lain rek baramaen,” cekeng. Asa kasigeung tuda. Datang-datang ujug-ujug mere duit bari kuraweud. Jeung deuih rek nanahaon baramaen asup ka jero kafe. Dina enyana oge asa mending keneh diuk di trotoar daripada asup ka kafe jeung toko. Puguh aya ratusan jalma nu lalar liwat. Piraku euweuh hiji dua jalma anu teu karunyaeun nempo kuring namprak. Sok sanajan kalolobaanana mah teu paduli. Badis kuring teh hiji hal anu teu perlu dianggap. Badis kalakay anu ngalayah sapanjang jalan.

Aeh ketang, teu salah eta pramuniaga teh. Da enyana awak kuring anu kuru jeung papakean nu basajan pisan geus nyirikeun yen kuring teh baramaen.

Pramuniaga masih kuraweud haseum. “Rek naon atuh?”

 “Rek pesen kopi,” tembal teh. Panon mah nampo kana meja nu di juru. Gegeb teh, asa deungdeuleueun. Sajongjonan ngalenyap. Aya Eka anu keur tungkul, manco kana buku anu ditamprakeun dina meja. Aya gelas enteh matcha di sagigireuna.

Manehna, demi ngadenge kaributan ti lawang kafe, ngarasa kagareuwahkeun, tuluy cengkat bari mata simeuteun. Rarasaana asa dina alam pangimpian.

“ANDRI!” manehna ngajerit Tarik naker. Teu nyangka sacongo buuk oge bisa patepung teuteup.

***

Eka

Harita kuring keur anteng maca roman basa kareungeu aya nu rebut di lawang kafe. Kuring tanggah, hiji pramuniaga katingal keur ngagebeskeun leungeun katuhuna di hareupeun baramaen anu cikeneh datang. Ngajengjen dina lawang. Ke heula, asa familiar. Asa geus teu bireuk ningali sorot matana.

Andri?

Pimohaleun! Piraku Andri! Lain, lain manehna. Tapi…geuning itu sorot socana….

Lain. Eta mah baramaen anu sok lampar mapay jalan. Kaleresan siga manehna.

Kuring gideug. Eta tingal biwirna nu ipis. Eta tingal karang dina handapeun cukang irungna anu bangir. Karang nu identik.

“Andri!” kuring ngajorowok Tarik. Boa kabeh pangeusi kafe marelong pedah ku araraneh nempo awewe ujug-ujung ngajorowok siga anu siwah.

Andri –tawa baramaen?- malik neuteup. Mata simeuteun. Paromanna katara pias. Sabaraha detik ti harita, manehna kaluar rurusuhan. Lengkahna gancang naker.

“Andri!”

Kuring geuwat muru lawang, nyingkahkeun korsi nu ngahalangan jajalaneun. Rurusuhan lumpat. Sieun leungit raratan. Teu miduli paneuteup welasan pasang panon di jero kafe.

Kuring lumpat ka jalan. Ngarasa yakin Andri ngaleok kadinya. Culang cileung, luak lieuk ka kabeh madhab. Taya laratan. Andri ngiles taya jirim-jirimna acan. Jalma lalar liwat, anu ka kidul, anu ka kulan, rame naker.

Kuring lumpat ka belah wetan. Hamham. Boa manehna lumpat ka jalan kulon? Beretek lumpat ka kulon. Jalma baki rame. Buhan mangsa pakanci, jalan teh rame pisan. Loba anu kalaluar pikeun nyeuseup hawa sore, muru kafe, jajan kuliner jalanan atawa balanja di factory outlet anu aya di saban madhab. Lapur, Andri ngiles di karamean.

“Andri!”

Andri. Andri. Andri. Leng. Bumi asa muih. Kuring ngageungeuik di sisi jalan nyambat ngaran manehna. Nu lalar liwat ukur ngareret bari kerung. Sigana nganggap kuring awewe siwah.

Tamat

 

 

 

 

 

Husni
Husni

Husni Magz adalah blog personal dari Husni Mubarok atau biasa dipanggil kang Uni. Cowok Sunda yang bibliomania. Menyukai dunia seni dan tentunya doyan nonton baca dan nulis.

No comments:

Post a Comment