Hirup bagja kabina-bina. Rek teu bagja kumaha, motor ninja warna beureum pang anyarna geus kabeuli Saenggeus maturan Mamih tilu poe di puncak Bogor. Samemehna, Mamih masrahkeun duit 50 juta buruh maturan manehna di Bali saminggu jeput.
“Mah, ayeuna mah teu kedah ngiriman deui artos kanggo biaya kuliah Dandi. Da Dandi tos nyepeng padamelan ayeuna mah,” cekeng teh basa nelepon Ema jeung bapa di lembur tilu taun ka tukang.
“Baruk? Gawe naon di dayeh Dandi?” tanya Bapa.
“Di Bank,” tembal teh. “Pokona mah ti ayeuna pisan Dandi bakal ngirim artos bulanan ka lembur, kangge ngawaragadan sakola barudak sareng waragad landong kanggo Aki.”
Kapaksa ngawadul kanu jadi kolot. Sok sanajan enya oge kuring sok asa hanjakal ngabohongan kolot. Piraku ari kudu jujur ka Mamah yen kuring jadi piaraan Mamih Novita.
Kirining. Sora hape disada. Ngumbar lamunan teh kagareuwahkeun. Geuning Mamih Novita anu nelpon teh. “Kasep, engke wengi maturan Mamih di hotel nya. Mamih tos transfer 30 juta. Udah di cek belum?”
Kuring runga ringeu. Teu puguh peta. Hariwang kabina-bina. Minggu kamari Ema jeung Bapa mere hibar yen maranehna arek jarah ka Mekah, umroh tina ladang gawe kuring jadi kukutan si Mamih. Kuring ngaheruk. Asa teu rido mun Ema jeung Bapa umroh ku duit kotor.
==
Fikmin # Dijual #
"Nyi, urang jual waè, kitu?" tanya Kang Ateng bari noelan irung orok beureum anu ngagoler dina samak. Anakna anu kasalapan nu dibabarkeun peuting kamari.
Nyi Keti ukur kerung. "Deuk dijual deui?" Aya rasa teu panuju tina kekecapanna. "Koh anak kadalapan ogè dijual ka Hajjah Rodiah. Piraku anu ieu rèk dijual deui, akang?"
"Kawas nu teu nyaho baè atuh, apan urang tèh butuh duit pikeun ngawaragadan sakola si nyai nu cikal. Cèk si Nyai geuning, moal bisa milu ujian lamun SPP can dibayar."
Keti ngahuleng sajongjonan. Asa cangcaya mun kudu ngajual anak deui. "Watir atuda akang."
"Watir kènèh dikukut ku urang atuh, Keti. Dijual onaman, dikukut ku nu sugih. Kajamin sagala kahayang Jeung pangabutuhna."
Keti unggleuk. Anak bungsuna digalentor bari beueus ci mata.
==
Fikmin # Pasea #
Harènghèng! Dua anak kuring, Dani jeung Doni keur parasèa di tepas. Pahereng-hereng, euweuh nu ngèlèhan. Saruana! Padahal mah teu pira, ukur pasèa pasualan heula mana antara hayam jeung endog. Silih tempas asa aing pangbenerna. Wajar wè sok mindeng pasèa ogè, bubuhan saumuran meureun.
"Cik atuh, tong parasèa waè!" sentak tèh bari nilepan pakèan dina samak. "Jeung dulur tèh kudu alakur, silih pikanyaah, silih asih."
"Ema ogè geuning sok pasèa jeung Bapa," tembal Doni bari nyèrèngèh. Di tembal kitu ku anak tèh kuring ukur bisa ngabetem. Da enya rusama sok mindeng pasèa jeung Bapa barudak tèh. Geus loba anu teu cocog antara diri kuring jeung Bapa barudak.
"Ari Mamah nyaah teu ka Bapa," tembal Dani. Sarua nyèrèngèh.
Hm, anaking! Duanana ogè teu nyarahoeun yèn maranehna tèh bakal papisah bulan hareup mah. Dani milu ka kuring, balik ka dayeuh, ka bumina pun biang. Ari Doni milu ka bapana. Da kitu adilna cenah, mawa anak hiji sèwang.
==
Fikmin # Katohyan #
Hatè bungah naker nalika nampa bèja yèn Mamah arèk nganjang ka Bandung. Cenah mah aya tugas dines. Satadina mah hayang izin teu gawè sapoè mah supaya bisa beberes di kosan. Tapi bos hotel tempat kuring gawè teu ngidinan.
'Teu sawios Nyai. Da mamah mah badè tos pesen hotel. Enjing we ka kosan Nyai mah. Mamah hoyong reureuh heula," saur Mamah dina telpon.
Antukna, harita kuring bisa jongjon gawe. Ah, da Mamah mah nganjangna ogè enjing pasosorè. Jadi teu kudu sayagi ti ayeuna. Gerentes teh.
Bada isya, kuring masih keneh diuk di tukangeun meja resepsionis bari lelenggutan nahan tunduh. Tunduh kagareuwahkeun ku sora lalaki. "Neng, pesen kamer double."
Kuring tanggah. Hate asa tagiwur teu puguh rasa. Di hareupeun pisan, lalaki huisan turta tegep, ngalèng awèwè tengah tuwuh. Mamah Aing!
Kuring ngajewèng masker nu nutupan satengah beungeut. "Mamah! Teu sangki!!"
==
Fikmin # Lalaki #
Si Iteung keur cindeluk nonton sinetron. Geus pasti, caritana teu jauh tina sual kaom istri anu dikakaya ku anu jadi carogena. Carogèna kabèngbat ku wanoja sejen, anu akhirna ngalantarankeun garwa sareng anu jadi anak teu kapalirè. Carita klise anu geus jadi kacaturkeun midang dina sinetron.
"Semua lelaki sama saja!" Gorowok Iteung bari tipepereket nahan kakeuheul. Manehna ngarasa jadi tokoh protagonis anu dijejerkeun dina eta carita.
Torojol, Abah datang ti pangkeng bari kerung. "Naon Sia? Nyebut kabeh lalaki sarua? Ari Abah lain lalaki kitu? Pek siah, moal dibèrè duit keur jajan ku Abah. Bongan nyebut kabeh lalaki sarua jahatna."
"Atuh Abah....." Iteung muringis. "Maksad Iteung, kabèh lelaki sarua, buntutan ti payun!"
==
SUWUNG
#fiksimini
Ceuk batur mah ema kuring teh awewe anu kotor kabina-bina. Loba sebutanana, ublag, dongdot, jablay, jeung duka naon deui sebutana teh. Tempat ulinna di warung Nyonya Sarti di sisi basisir tea. Rame ku nu dagang arak jeung tukang ojeg. Tapi pikeun kuring, Ema mah tetep Ema, teu paduli naon gawena.
Kuring teu nyaho kumaha rupa Bapa. Ti mimiti borojol, ceuk batur mah kuring teh teu boga bapa. Anak haram jadah, cenah.
Pirajeuneun sok nanya ka Ema, “Bapa uing teh saha, Ma?”
“Bapa sia mah paeh, Sar,” tembal Ema tibat saliwat. Siga nu teu purun ngajawab pananya kuring teh. Manehnya laju udud, ngarawel tas dina korsi hoe. “Ema rek gawe deui, aya langganan datang. Tong kamana-mana siah. Kade poho nyangu!”
Kuring nyerangkeun Ema anu ngingkig muru warung Nyonya Sarti. Hate mah tetep suwung. Teu apal nepi ka iraha kasuwung teh simpe.
Harita poe salasa, aya hiji lalaki kira-kira manjing umur 40 datang ka basisir. Tatanya, “Ema aya?”
“Aya di warung Nyonya,” tembal teh bari susuguh cai jeung kueh kong guan.
“Susul, Nam! Aya Rohadi datang kituh,” tembalna.
Kuring laju indit rek mapagkeun Ema di tempat nu ku batur sok disebut tempat kotor, tempat maksiat. Sasarina mah tara panggangguran ieuh haying luas-leos ka dinya sanggeus meregokeun Ema keur ‘galungan’ jeung lalaki di kamer triplek warung Nyonya. Tapi ayeuna mah rek maksakeun. Bongan deuih, Ema geus aya opat poena teu balik-balik. Cenah mah keur marema.
Lebah warung si Juna, kasampak loba jalema. Si Juna sorangan anu nanya, “Rek kamana, Sarju? Rek numpakan Ema sia!”
Nyel bae, nyeri hate. Kop kana batu sagede peureup di jalan. Belewer dibaledogkeun. Pre-pre! Wawadahan beling di warung si Juna pareupeus. Puas siah! Tapi asa keuheul keneh da. Serenteng nyampeurkeun si Juna, hayang neunggeul bebengepna.
“Anak dongdot siah! Jadah! Anjing! Wani sia ngagantian warung aing!” Si Juna gogorowokan siga nu edan.
==
BALUKAR PANDEMI
"Punten Bapak. Bapak kaasup karyawan anu ‘dirumahkan’." Sora Sarif, Direktur Utama leuleuy pisan, tapi teu bina sora jelegur gelap anu mawa kareuwas.
Kuring ngeluk, teu bisa kumaha. Balik ka imah mawa harepan anu geus peunggas. Kuring moal waka wakca ka pamajikan naon anu karandapan.
Isuk-isuk pisan, pamajikan ngageuing. "Papah, gugah, bilih kasiangan angkat ka kantor." Serelek! hordeng dibuka. Jandela ngajeblag, mawa hawa tiis ka sakuliah rohangan. Duh nyi, anjeun mah teu kudu nyaho kana kasusah Akang.
Kuring nguliat, hudang. Kacai ngadon sibeungeut. Teu kudu mandi, da ngantorna ayeuna mah beda ti sasari. Rap, baju seragam dipake. Pamajikan mah moal apal kumaha, eta seragam kerja teh ukur topeng. Dua kilometer tidinya, jut turun tina angkot, nyalingkur kana kebon cau, kuring nyalin make baju dines anu pantes jang jalma anu sok mulungan plastik jeung runtah anu bisa didaur ulang. Seragam kerja katineung mah matuh na tas.
No comments:
Post a Comment