Lilin dina Gelas
Hiji murid nu kawentar bangor di kelas fisika nanya ka guruna
Murid : "Pak, sim kuring gaduh patarosan"
Guru : "Naon?"
Murid : "Hiji lilin nu hurung ditutup gelas, lilin eta pareum. Nu kitu teh nunjukeun naon?"
Guru : "Teu aya hawa dina geulas"
Murud : "Salah, Pa."
Guru : "Naon atuh?"
Murid : "Ngabuktikeun yen urang kirang padamelan"
Source: https://www.ketawa.com/2005/07/3483-lilin-dina-geulas.html
=
Paku Dibungkus
Di toko bahan bangunan
Asep : "Cik punten meser paku sakilo"
Pelayan : "Dibungkus?"
Asep : "Henteu, bade dituang di dieu (ceuk Asep keuheul)"
Pelayan : "&^%*#$"
Source: https://www.ketawa.com/2005/07/3484-paku-dibungkus.html
Mabok di Tengah Jalan
Hiji pemuda keur naek motor bari ngebut sataker kebek. Keur kitu, motorna ujug-ujug direm ngadadak bisi nabrak hiji pemuda nu keur mabok di tengah jalan.
"Dasar tolol! Mun mabok ulah di jalan atuh....!" ceuk nu tadi ngebut kesel jeung keuheul.
"Maneh nu tolol mah," bales nu mabok. "Sakitu ngebut, nabrak nu bapok oge teu keuna..."
Source: https://www.ketawa.com/2005/07/3485-mabok-di-tengah-jalan.html
Minum di Warung Kopi
Adun : "Mang kopi susu hiji!"
Emod : "Make es teu?"
Adun : "Nya make atuh, teu make mah jadi kopi uu"
Source: https://www.ketawa.com/2005/07/3486-minum-di-warung-kopi.html
Kadaharan Paling Haram
Ali : "Kadaharan naon nu haram?"
Adun : "Babi..!"
Ali : "Nu leuwih haram deui?"
Adun : "Babi nu ngandung babi deui."
Ali : " Nu pangharamna?"
Adun embung eleh : " Babi nu ngandung babi teu boga bapa, siah...!"
Source: https://www.ketawa.com/2005/07/3489-kadaharan-paling-haram.html
mary Saklitinov
Di hiji kelas, bu guru anyar keur ngabsen murid-muridna. Bu guru katarik ku hiji ngaran, panasaran, nya dicalukan di murid nu boga ngaran aneh eta.
Guru : "Smary Saklitnov, cik kadieu!"
Murid : "Ya, bu, abdi"
Guru : "Kadieu, maneh turunan Yugoslavia, nya?"
Murid : "Sanes, bu!"
Guru : "Eropoa Wetan? Polandia?"
Murid :"Sanes..."
Guru : "Naha atuh ea ngaran maneh Smary Saklitnove?
Murid : " Ooh..eta. Smary teh singketan ti nami bapa (S)urtono sareng ibu (Mary)anti."
Guru : "Mmmm...ari Saklitnov?"
Murid : "Sabtu Kliwon Tujuh November."
Source: https://www.ketawa.com/2005/07/3491-smary-saklitinov.html
Pakai Do...
Sarua ieu oge di hiji kelas, guru anyar nyalukan hiji murid anu ngaranna "Dojang"
Ibu Guru :" Jang, cik kadieu, antik euy ngaran teh, bener Dojang?"
Dojang :" Sumuhun Bu, da abdi mah katurunan nami antik"
Ibu Guru :" Kutan, saha kitu ngaranna bapa maneh teh, Dojang?"
Dojang :" Dosep, Bu"
Ibu Guru :" Ari indung maneh saha?"
Dojang :" Doneng, Bu
Ibu Guru :" Lanceuk-lanceuk?"
Dojang :" Dosih sareng Domar, istri sadayana Bu"
Ibu Guru :" Euh, sugan aki-nini maneh mah Doki jeung Doni, nya Dojang?"
Dojang : " Sanesn Bu, teu kenging kitu, dolim namina, saur sepuh oge dolim mah dosa".
Source: https://www.ketawa.com/2005/07/3492-pakai-do.html
No comments:
Post a Comment