4 Sept 2020

Jurig Tampian

Esih nguliat tur gigisik. Ngalieuk kana jam nu naplok dina bilik. Geuning karek tabuh tilu kurang. Janari keneh. Kuniang hudang tina pangkeng. Beuteung karasa nyelengit. Ari Mang Asep salaki Esih masih keneh tibra, kerek di gigireunna.

"Ieuh akang, hudang. Nyeri beuteung, hayang ka tampian," ceuk Esih bari ngoyag awak salakina nu buligir. Bakat mang Asep mah, sare teh sok buligir. Ngarah babari ngagarap cenah mah.

"Nam atuh ka tampian sorangan. Make kudu dianteur sagala. Tuh senter dina luhur tekas," tembal mang Asep bari nonggongan pamajikanna.

"Sieun atuh akang. Anteur. Kitu da, ka pamajikan teh tara bela. Tong kebluk atuh, geus janari. Tahajud anggur mah," ceuk Nyi Esih bari nyiwit gonggong salakina. Atuh mang Asep teh nguniang hudang.

"Nam atuh." Sok sanajan lulungu keneh ge, ditedunan kahayang pamajikan teh. Kolotrak tulak panto dibuka. Mang Asep jeng Esih kalaluar bari nyorongkeun senter ka jalan tampian.

"Nam, didagoan didieu," ceuk Mang Asep bari diuk dina handapeun tangkal tangkil.

"Atuh tong jauh teuing."

"Lah iyeuh, ku borangan-borangan teuing, sok-sok kadituh."

Esih jamedud. Suka teu suka indit we turun ka tampian sabab beuteung geus nyelengit titatadi. Jut turun kana pacilingan. Gulumbrang-gulambreng sora lauk emas moroan pamiceunan, madugan pinding pacilingan tina seng.

Sanggeus reres, Esih ka tampian. Teu lila datang nini-nini mamawa baskom. Sigana mah rek nyeuseuh. Kacirina mah Mak Uti. Pedah we Ma Uti nu sok ngengelek baskom mun rek nyeuseuh teh.

"Aeh, geuning ema. Naon kot janari nyeuseuh teh ma," ceuk Esih.

"Ah, tuda beurang mah loba jalema. Peuting mah nyalse." Cenah bari gesruk we nyeuseuh dina batu tampian. "Ari nyai geuning sinarieun ka tampian woyah kieu?" Saur ma Uti.

"Ah da mun lain sabab nyeri beuteung mah, teu purun ka tampian woyah kieu. Tariris ongkoh."

"Aeh enya."

Bulan nu titatadi kahalangan mega teh ayeuna mah geuning nyinglar. Bentang baranang.

"Ma, naon atuh tungkul wae. Geuning siga geuneuk Ema teh, kunaon?"

Ma Uti ngalieuk nembongkeun jirimna. "Geuneuk kumaha nyai, da ema mah kieu ayaba."

Goak teh Esih ngagorowok. Ngoceak bakat ku reuwas. Reuwas kusabab anu diajak ngobrol teh geuning lain ma Uti. Tapi dedemit anu pikagilaeun rupana. Panon bodas taya sikian, bengeut beureum siga getih bari pinuh ku raheut. Yey.
Esih ngan ukur bisa ngoceak tapi suku mah teu bisa lumpat. Asa aya anu ngabeungbeuratan dina dua bitisna, lir batu anu beurat ngagulayut dina dampal sukuna. Lir ibarat dipaku dina luhur taneuh. teu bisa walakaya. saberes ngoceak teh gan ukur calawak bakating kasima. Eta demit anu disangka Ma Uti teh antukna ngojengkang teu pok-pok deui. malikeun awak bari tuluy indit kana rungkuy tangkal kiara anu teu jauh tina tampian. leungkit kalegleg ruyuk nu poek mongkleng.

"Ieuh Akang...tulung...." ari geus kitu mah Esih teh ngoceak deui.

Mang Asep geus tuturudun turun bakating ku reuwas. sasat padudan dipangpengkeun bari nyinglarkeun sarung. "Aya naon...aya naon..."

"Ieuh gusti...haduh...ripuh aing mah...ieuh...geuwat kadieu..." Esih ngan ukur ngulampreh bari gugupay ti tampian.

"Kunaon maneh teh, ngoceak siga manggih jurig nyiliwuri." ceuk mang Asep bari nungtun leungeun pamajikanna anu beulah kenca.

"Puguh manggih demit. Da maneh mah dititah nganteur nepi ka tampian teh sangeuk. geuleuh aing mah. Mun ilaing boga niat nganteur kadieu mah atuh meureun eta mangkeluk jurig teh moal wanieun nembongan maneh."

"Tuh...tuh...na ari maneh, jurig anu datang tapi kalahkah nyarekan laklak dasar ka kuring. atuh carekan we jurigna kadituh," omong salakina bari kerung.

"Nyao ah, henam ieuh, bisi balik deui eta demit teh, yey. asa muriding muringkak kieu."

Atuh isukna papada tatangga milu guyur pedah Nyi Esih panggih jeung jurig tangkal kiara cenah. Ki Omod ge milu mairan obrolan di babancik imah Nyi Esih. "Atuda geus katelah di sodong deukeut tangkal kiara eta mah aya anu matuh ti baheula."

"Baruk aki?" tembal salahsaurang anu aya didinya.

"Enya. Pan bareto oge si Minah anu manggihan teh. Pedah aya untungna ari si minah mah, papanggihna teh sanggeus si demit na beres nyeuseuh di cai. Jadi teu paasrog cara maneh."

"Baruk jurig oge osok nyeuseuh baju nya, "ceukeukeuk nu mairan teh seuri nyelengkeung.

"Hih, ari teun, duka teh teuing. tanya we ka jurigna ari wani mah."

"Paingan atuh kamari eta demit teh nyarita kieu,' tuda air beurang mah loba jalema cenah."

Ari pek teh si Uha ngomong, "Lah eta mah teu sabaraha ibu, komo abi mah manggih mayit di wahangan."

"Aeh...aeh...kumaha caritana?"

Derekdek atuh si Uha teh ngadongeng bari digarimbung. Panasbaran hayang ngadengekeun si Uha ngadongeng manggih mayit di wahangan Cinyungcung.
Husni
Husni

Husni Magz adalah blog personal dari Husni Mubarok atau biasa dipanggil kang Uni. Cowok Sunda yang bibliomania. Menyukai dunia seni dan tentunya doyan nonton baca dan nulis.

No comments:

Post a Comment