8 Mar 2021

FIKMIN SUNDA: GURU HONORER


Fikmin # Honorer #

Asa balejag awak teh geuning geus nampa amplop mah. Ieu teh minangkana mah amplop munggaran pisan saanggeus ditampi jadi guru honorer di salah sahiji SD negeri tempat kuring nyuprih elmu welasan taun katukang.

Amplop dibuka, diitung eusina. Duh gusti, ukur duit beureum dua lambar, duit hejo salambar. Bati gogodeg bari los ka kantin Ceu Eti, rek mayar gorengan, udud jeung kopi mangsa sabulan katukang. “Ke bi dibayarna mah mun geus nampa gajih,” ceuk kuring ampir unggal poe.

“Sabarahaeun bi hutang the?” ceuk kuring ka Ceu Eti.

“Parantos nampi gajih nyah, Pak Guru,” tembal Ceu Eti dibarung ku Seuri. Tuluy muka buku catetan. “Sadayana tilu ratus rewu.”

Kuring bati olohok. Tuluy mencrong duit dina dompet. Gaji kuring sabulan ukur 220 ribu. Teu mahi jang ngopi-ngopi acan. Gusti!

==


Fikmin # Kabogoh Salaki #

Tatangga geus mindeng pada meupeujeuhkeun ka kuring yen pun caroge kudu diaping ngarah teu direbut ku wanoja sejen. Cenah, boga salaki anu hade rupa matak pimelangeun salawasna.  Lah, didenge teuing omongan tatangga. Da kuring mah geus boga jangji pasini jeung manehna rek satia salawasna.

Jeung deuih, manehna teh koh lungguh pisan. Piraku rek jalir tina jangji satia antara kuring jeung manehna.

Tapi ketang, kadang sok aya rasa curiga mah. Kawas poe ieu. Manehna karek asup ka kamar mandi, kadenge hapena titirititan antra pisan. Aya panggilan asup sigana mah. Duka ti saha.

Dina layarna aya ngaran ‘Tono’. Ku kuring diangkat, ari pok teh, “Sayang, jangan lupa hari ini kita ketemu di hotel yaah…”

Hate kuring ngagebeg. Asa teungteuingeun ari kuring kudu timburuan ka lalaki. Geuning salaki kuring teh ‘jeruk makan jeruk.’

Diantos saran kanggo ngaropea. Hapunten bilih aya kecap nu teu marenah.

Husni
Husni

Husni Magz adalah blog personal dari Husni Mubarok atau biasa dipanggil kang Uni. Cowok Sunda yang bibliomania. Menyukai dunia seni dan tentunya doyan nonton baca dan nulis.

No comments:

Post a Comment