Kadaharan Pangharamna
Mamduh : "Man, kadaharan naon nu pangharam haramna
sa-alam dunya?"
Maman : "Babi jeung anjing atuh"
Mamduh : "Salah !"
Maman : "Naon ateuh?"
Mamduh : "Babi nu keur kakandungan !"
Maman : "Naha?"
Mamduh : " Apanan mengandung Babi!"
Gingseng Pemere
Harita waktu kuring keur rineh diharepeun imah keur ngopi
bari jeung udud daun kawung, teu ngahaja katingali aya hayam keur kawin meuni
ku lila, dabiasana ari kawin hayam mah mun kawin ngan sajorelat, atuh puguh
kukuring diperhatikeun saecesna. meuni heran teu kapikir ku akal. ah teu gujrud
ka batur da era bisi jadi matak.
Poe isukna kitu deui eta hayam malah leuwih lila ti kamari,
jadi kuring panasaran arek gujrud ka batur era bisi majarkeun mata karanjang
kajeun ningali hayam oge.
Kitu jeung kitu deui eta hayam teh, kuring panasaran nya
akhirna kuring betus bebeja ka kang Maman tatangga sabeulah imah, malah kang
Maman oge panasaran naha bener omongan kuring kitu teh, naon anu jadi cukang
lantaranna.
Sore na waktu kuring arek ka cai tukangeun imah ngarasa
kaget, yen pelak gingseng anu dina kaleng urut biskuit pamere Kang Husin oleh
oleh ti Korea tea geus burundul dipacokan hayam, euh pantesan hayam ge sakitu
kuatna ngahakanan gingseng pelak kuring !
Candi di Jawa Barat
Di Indonesia terdapat candi-candi, diantaranya: Candi
Borobudur, Candi Prambanan, Candi Mendut.
Ternyata sudah 3 bulan yang lalu telah ditemukan candi-candi
tepatnya di daerah Sunda, yaitu: candi hakan, candi bere, candi dahar, candi
bayar, dan masih banyak candi-candi yang lainya.
Nyetak Foto Bapak Kades
Di hiji lembur
aya nu ngaran su'eb, manehna di gawe jadi pasapon di kantor Desa dina hiji poe,
mang sueb di piwarang nyetak foto ku Pa Kades.
Pa Kades: "Mang kadieu sakedap, bapa bade miwarang,
kersa teu?"
Mang Su'eb: "Mangga Juragan,naon manawi padamelan
abdi?"
Pa Kades: "Pangnyetakeun foto mang tah ka payun nya
ukuranana 2 x 3 4 siki 3 x 4 6 siki."
Mang Su'eb: "Mangga juragan."
Gidig Mang Su'eb ka tukang Foto.
Mang Su'eb: "Jang pangnyetakeun foto nu pa Kades tah
ieu ukuranan, mang sueb mikeun tulisan ti pa Kades."
Tukang foto: "Mangga mang antosan 1 jam nya."
Mang Su'eb: "Muhun mangga."
Sajam lilana mang su'eb ngadagoan foto pak Kades.Sanggeus
beres tukang foto nyalukan,
"Mang ieu fotona, nu 2 x 3 5000, nu 3 x 4
10.000..."
Sakedapan mang sueb ngahuleng, teu kusi lila tumaros
katukang foto.
"Naha ari ujang sakola henteu maenya aya 2 x 3 5000, 3
x 4 10.000 da mamang mah di ajar teh 2 x 3 mah = 6 ari 3 x 4 mah 12. Lieur
ujang mah."
Tukang foto : "Zzzzzz lieur Mang Su'eb mah, maksudna
mayarna maaaaaang. Lain hasilna dasar!!!"
Kabayan Pelesir ka Amerika
Kabayan jeung Mitoha na pelesir ka Amerika. Diditu maranehna
jalan jalan ka musieum.
Kabayan keur molototan Mumi mesir kuno, pas di handapeun
peti batu na aya tulisan 1227BC.
Kabayan : "Abah...aya angka di batu ieu 1227BC maksudna
naon nya, Abah?"
Mitoha : "Ah sia mah dasar kampung, katingali kurang
gaul, teu gableg ka nyaho... Eta teh PIN BlackBerry na Firaun...!"
Budak Boloho
Si Encep budak kelas opat SD keur gundem catur jeung bapana.
Encep : "Pa, Encep enjing bade ulangan Matematika. Pami
Encep kenging peunteun 10, bapa bade masihan naon ka Encep?"
Bapa : "Bapa bade masihan duit saratus rebu..!"
Encep : "Alim ah saratus rebu mah, sarebu wae nya,
Pa?"
Bapa : "Naha, Cep?"
Encep : "Saratus rebu mah cape ngetangna.."
Maung jeung Uncal (bodor si cepot)
Hiji poe leuweung nu sakitu legana kaduruk nepi ka cai ge
garing bakating ku panasna seuneu. sasatoan kabeh mencar kalabur kaluar, teu
nyesa hiji hijieun acan.
Sanggeus kahuruan tinggal haseupna tina jeuro guha kaluar
indung jeung anak maung.
"Ma..aden lapar" anak maung ka indungna
"Nya ke urang..." can ge beres nyarita, ti
tukangeun kaluar oge uncal ti jeuro guha, singhoreng uncal jalu nu ngilu
nyumput.
"Ma itu uncal..udag ma aden hayang daging uncal"
anak maung rada ngagareuwahkeun indungna anu reuwaseun.
Indung maung teu talangke langsung luncat ngudag eta uncal.
Uncal anu leuwih leutik leuwih lincah tibatan maung, ngan
satarik tarikna ge sato nu geus nahan lapar jeung hawa panas duanana beuki
laun, ngan sakadang uncal gancang manggih jalan manehna lulumpatan ngaliwatan
tangkal kai nu rekep, maung bati ku nafsu teu bisa newak bae beunang kadeoh,
manehna muru uncal ngan..awak maung tungtungna nyelap na sela tangkal.
Kanyahoan maung teu bisa ojah, uncal nguriling balik deui.
abong jalu sanajan uncal boga pikiran cabul.
"Ah..bae sagalakna maung, da ti tukang mah angger we
maung bikang" uncal ngomong sorangan. geus kitumah maung teh diopi ku
uncal. geus beres uncal terus lumpat deui bari heheotan..(aya kituh uncal nga
heot).
Geus bisa leupas maung balik deui ka anakna.
"Ma...ma..kumaha SI UNCAL teh beunang...mana ma..aden
lapar.."
Indung maung kadon jamutrut ka anakna " eh...ari maneh
tong susa sisi PAPIH kituh!!!" bari ngaleos.
Kodok Bangkong
Mang Juned poe eta kadatangan tamu dulurna pak Kosim ti
Jakarta, kabeneran manehna jeung pak Kosim boga budak saumuran kira-kira 5
taunan.
basa mang Juned keur ngobrol jeung pak Kosim di teras imah,
anakna keur uplek maen koleci jeung anak pak Kosim. Keur anteng maen koleci,
ujug-ujug gejlo weh aya bangkong luncat ka deukeut barudak nu keur maen koleci,
atuh barudak teh rareuwaseun.
Anak mang Juned: "Ih, awas aya bangkong, aya
bangkong"
Anak pak Kosim : "Idih, ada kodok, ada kodok"
Anak mang Juned: "Yeeh, tong di kodok, geuleuh"
Atuh mang Juned jeung pak Kosim nu ngadengekeun sing cakakak
Kacang Hejo
Hiji peuting si aki jeung si nini keur ngalobrol di kamar
memeh sare.
Aki : "Nini urang teh geus karolot,aki rek menta
dihampura bisi aya kasalahan ka Nini"
Nini : "Ih aki sarua nini oge, urang silih hapura we
atuh umur mah saha nu nyaho."
Aki : "Sukur atuh ari nini rek ngahampura ka aki
mah,sabab aki teh pernah salingkuh ka nini"
Nini : "Kutan jeung saha aki?"
Aki : "Eta jeung Si Edah tukang lotek tea,terus jeung
Si Emeh anak Mang Sarkawi,malah jeung Si Icih oge nu dilebak ngalaman."
Nini : "Nya ari aki geus ngaku mah bari jeung ngarasa
kaduhung teu nanaon ki dihampura,tapi nini oge sarua geus pernah
salingkuh."
Aki : "Ari nini jeung saha?"
Nini : "Ari nini mah mun geus salingkuh teh sok
neundeun kacang hejo dia toples"
Aki : "Toples nu di dapur nini?"
Nini : "Enya aki,nu dina toples mah sesana pan anu
sakeler mah beak dibubur."
Aki : "????????!!!??"
Sendal Kuring
Di hiji poe jum'at saberes jum'atan, si ucok (orang batak nu
karek pindah k bandung) ambek-ambekan da sendalna leungit,, si ucok nanya ka
barudak nu keur nongkrong,,
Si Ucok: "Heh kau barudak,, ninggali sendal kuring
teu??"
Barudak: "Sendal nu kumaha bang??"
Si Ucok: "Eta sendal nu karek meuli bieu
isuk-isuk"
Barudak: "Wah teu apal bang"
Datang Pa Haji nu karek kaluar ti Mesjid, di tanya oge ku si
ucok...
Si Ucok: "Pa Haji, sendal kuring leungit pa haji"
Pa Haji: "Pahili meureun bang"
Si Ucok: "Bah..! Siapa pula eta pa hili?? Wah kudu di
bantai ku kuring..!"
Pa Haji: "Eh si abang, Pahili teh Pagentos"
Si Ucok: "Bah..! Duaan jeung si Pa gentos??? Wah
duanana ku kuring rek di bantai..!"
Pa Haji: "Aduh di bejaan teh teu ngarti-ngarti, pa haji
uwih ahh...Assalamualaikum.."
Si Ucok: "Bah..! Rek kamana Pa Haji?? Sendal kuring
kumaha ieu??"
===
Budak Angkot
Dina hiji poe,
aya ibu-ibu numpak angkot bari ngangais budak. tapi tisabareng naek angkot, eta
budak teh teu eureun ceurik wae,
tayohnamah eta
budak teh hayangeun nyusu tapi indungna eraeun da puguh angkot teh pinuh, tuluy
wae ku indungna di beberah sina repeh, tapi eta budak kalah beuki tarik
ceurikna teh.nya akhirna mah indungna ngelehan era era oge susuna dikaluarkeun
tuluy di asongkeun kabudakna bari tuluy dirungkupan ku samping.
teu kosi lila eta
budak kaluar nolol tina samping bari pok ngomong ka penumpang sejena
"ngalaleueut a ......"
Poe Jumaah
Isak : "Rus,
ari ayeuna poe naon?"
Rusdi : "Poe
Kemis"
Isak : "Ari
isukan"?
Rusdi : "Poe
Jumaah"
Isak : "Ari
geus Jumaah?"
Rusdi : "Nya
balik atuh Sak, piraku cicing wae di mesjid".
Isak :
"Pinter geuning Rusdi mah."
(Rusdi jeung Isak
tingserengeh, dibaturan ku nu maca)
---
Tukang Obat -
Nyeri Sirah
Sebut wae ngarana
Mang Ihin, tukang obat keliling, nu sok mangkal di hareupeun kantor pos. Jam
dalapan manehna geus ngampar, manehna teh spesialisasina kana obat nyeri sirah
tradisional, bari terus gogorowokan sangkan nu liwat katarik ku obat nyeri
sirah "made in" manehna.
Mang Ihin terus
noroweco, "Bapa-bapa, ibu-ibu, sareng saderek sadaya, mangga cobian ieu
obat, dupi obat nu didagangkeun ku sim kuring taya lian ti obat nyeri sirah,
obat nu cespleng.
Upami Bapa atawa
ibu katerap panyawat nyeri sirah, cobian nuang ieu obat, moal samenit-menit
acan eta panyawat nyeri sirah bakal ical, ieu memang terbukti obat nyeri sirah
paling cespleng," cek Mang Ihin teu siriknya nepi ka gogorowokan,
ampir-ampiran beakeun sora.
Tapi saurang oge
teu aya nu mirosea, nu liwat ukur ngareret wungkul. Malah nu liwat kalah
katarik ku atraksi tukang obat kulit nu maenkeun oray kobra.
Geus leuwih ti
tilu jam meureun Mang Ihin gogorowokan teh. Geus kasawang ku manehna moal aya
jalma nu ngabandungan omongan manehna, Mang Ihin terus meresan daganganana.
Memeh balik, manehna nyampeurkeun tukang dagang nu ngadon dagang di jero kios
sisi jalan.
"Peryogi
naon Mang?", Ceuk nu dagang tina jero kios.
Mang Ihin,
"Cik Jang, sugan aya procold, meser dua mah. Puguh rada nyeri sirah Emang
teh, dagang ti isuk teu aya nu ngareret-reret acan" Ceuk Mang Ihin bari
ngasongkeun duit lima rebuan salambar.
===
TKI di Arab Saudi
kacaritakeun
dihiji lembur aya hiji pamuda nu kakara balik jadi TKI di arab saudi,
kabejakeun si eta pamuda teh mawa babawaan loba pisan keur oleh-oleh jang
pamajikana dilembur, tayohna mah eta beja teh kadengeeun ku bangsat anu geus
biasa ngaranjah eta lembur, panjang carita eta bangsat teh geus siap-siap erek
ngajorag imah TKI tea engke peuting.
kacaritakeun eta
bangsat teh geus ngadakom dina kenteng nunguan nu boga imah sare, sanggeus lila
di tungguan nu boga imah teh can sare wae kadon hayeuh ngobrol terus sosonoan
dapuguh geus lila tea teu panggih.
sibangsat geus
teu kuat cangkeuleun nungguan bari ngadedengekeun nuboga imah, bari pok
salakina ngomong ka pajikan na salakina: euh nyi meni liket asa ketan kieu.
ceuk salakina...
pamajikan na
seuri bari ngarangul... ngadenge kitu sibangsat anu geus lila nungguan beuki
keuheul wae atuh, jrut manehna turun tina suhunan bari pok ngomong
"oncoman we sakalian ajig....bari dirigdig lumpat si bangsat teh. teu kosi
lila eta bangsat teh balik deui bari " jedak...najong bilik manehna ngomong
deui dasar ulen siah... dirigdig deui we eta sibangsat teh lumpat
===
SeMeSan
Pasosore jang
Imat ngahajakeun ulin ka Si Nana sobatna. Kasampak di imah Si Nana aya Ninina
keur ngawangkong di hareup bari ngawedang kopi hideung jeung seupan sampeu
anyar nyait tina panyeupanan, panas tur ngebul keneh.
Jang Imat
nyampeurkeun tuluy nanya ka ninina si Nana.
Imat,
"Punten Ni, ari Nana aya di ompok deh?"
Nini, "Aya
bieu mah di tukang keur semesan sosoranganan wae handapeun tangkal kopo."
Imat,
"Haaarr...ari nini, piraku maen batminton sosoranganan?"
Nini, "Lain
keur batminton, tapi keur semesan, eta geuning nu sok dipencetan ku indung
leungeun make hempon."
Imat,
"Oohh...sanes semesan atuh Ni, tapi SMS-an eta mah. Kunaon dipencetana ku
indung leungeun henteu ku cinggir nya Ni?"
Nini,
"Bieung ah, teu nyararaho kuring mah."
Imat, "Ari
cinggir mah paranti meresihan rorompok korong."
Nini,
"Nurustunjung siah, kuring keur ngawedang yeuh!"
Imat,
"He-he, punen Ni, heureuy. Mangga atuh, rek ka tukang nyampeur si Nana,
bisi kumaha onam..!"
Nini, "Nos!
Kaditu sampeurkeun bege!"
===
Nuntut Elmu
Hiji poe Bu Mirna
guru SD kelas lima keur nerangkeun hal kawajiban nuntut elmu. Sanggeus
nerangkeun tuluy Bu Mirna nanya ka barudak kelas lima.
Bu Mirna,
"Barudak, ari nuntut elmu teh kawajiban saha? Naha kawajiban Ibu atawa
maneh?"
Barudak,
"Maneeehh......!" Ceuk barudak saur manuk.
Bu Mirna baeud
===
Ateul jeng Gateul
Amang, "Bi,
ari obat ateul kunaon?"
Bibi, "Di
aro wae"
Amang, "Ari
obat gateul?"
Bibi, "Di
garo...!"
Amang (aro-aro
teu ateul...)
===
Halu
Geus jadi
kabiasaan Jang Ahmad, sobat salakina, unggal wancina dahar beurang sok datang
ka imah Nyi Ipah ngadon milu dahar.
Keur jaman kiwari
nu sagala serba mahal mah puguh we sagala teh kudu dirit-irit, kukituna kadatangan
Jang Ahmad teh malah jadi nambahan beban kaluarga Nyi Ipah.
Dina hiji beurang
kurunyung Jang Ahmad datang ka imah Nyi Ipah.
Jang Ahmad
:"Kumaha Nyi wartosna.... damang ?" ceuk Jang Ahmad bari basa-basi
Nyi Ipah
:"Sae kang..." bari rada bendu
Jang Ahmad
:"Pami Kang Dadangna pangesto ? nuju kamana...?"
Nyi Ipah
:"Nuju di kebon, nyaeta ayeuna mah Kang Dadang teh rada kaganggu emutanana
ayeuna teh.....". Nyi Ipah ngabohong bari masang taktik.
Jang Ahmad
:"Na kunaon kitu ...?" bari semu heran
Nyi Ipah
:"Nya duka kumaha Kang, ayeuna mah unggal aya tamu Kang Dadabg teh sok
neunggeul tamuna ku halu..."
Ngadenge kalakuan
sobatna jadi owah, Jang Ahmad langsung pamitan....teu lila datang Jang Dadang,
salaki Nyi Ipah.
Jang Dadang
:"Aya saha tamu bieu teh Nyi ?"
Nyi Ipah :"
Eta..... Kang Ahmad rek nambut halu ngan ku abdi teu dipasihkeun..." bari
ngabohong
Jang Dadang
:"Naaa atuh halu-halu wae........kadieukeun urang susulkeun..."
tuluy Jang Dadang
nyusul Jang Ahmad bari mamawa halu. Teu lila Jang Ahmad geus mimiti kaciri
tereh kasusul.
Atuh Jang Dadang
gogorowokan ngageroan Jang Ahmad bari ngacungkeun halu. Puguh we Jang Ahmad
beuki tarik lumpatna pedah nempo Jang Dadang ngudag-ngudag bari ngacungkeun
halu.
===
BH..AYANGKARA
Basa dina
pelajaran Bahasa Indonesia disalah sahiji SMP di Bandung, Pak Guru ngalatih
hiji-hiji muridna sina kahareup.
Pak Guru :
"Mimin tulis kahareup ... BHAYANGKARA...."
Mimin nu rada
tunduh langsung kahareup bari nulis ku kapur dina bor .... BAYANGKARA
Pak Guru :
"Geuning teu pake BH Min ... ? (maksudna BHayangkara)
Mimin : "Bet
ngangge Pak Guru...." bari ngarabaan susuna, puguh we murid-murid jeung
Pak Guru teh teu karuat nahan kaseuri.
===
TARAJE teh NTAR
AJE
Jang Dodo keur
nembok sumur di perkampungan orang Betawi. Meureun rada malaweung, na atuh
ujug-ujug gejebur ..!! Jang Dodo tigejebur ka sumur bari ngagorowok
tulung-tulungan.
Ngadenge aya nu
tulung-tulungan, si orang Betawi nyampeurkeun nu maksudna rek nulungan Jang
Dodo.
Jang Dodo :
" Taraje...!!! taraje ...!!! ", maksudna menta disodorkeun taraje
kahandap.
Orang Betawi
bingungeun bari leos indit deui, sangkaan manehna mah TARAJE teh NTAR AJE....
yeeee
===
GIGITEKAN
Mang Asep urang
kampung bau lisung ngumbara ka Jakarta jadi tukang bangunan. Hiji waktu manehna
datang ka dokter gigi cenahmah nyeri huntu.
Dokter Gigi :
"Kenapa giginya mang..?"
Mang Asep :
"Gigi saya koropok, cabut saja Dok"
Dokter Gigi :
"Coba buka mulutnya...", si dokter teh bari terus mariksa huntu Mang
Asep. Beres dipariksa terus huntu Mang Asep dicabut bari getih kaluar tina
gusina. Tuluy si Dokter teh nyelapkeun kapas kana huntu Mang Asep nu masih
getihan."
Dokter Gigi :
" Gigi tekan..."
Mang Asep kalahka
ngagual geolkeun bujurna kawas Inul keur ngebor.....dikirana sina GIGITEKAN
Dokter Gigi :
" ..??%@%& ..."
===
Film-Film
Hollywood Versi Bahasa Sunda
a. Saving Private
Ryan - Nulungan si Rian
b. Enemy At The
Gate - Musuh Ngajedog di Pager
c. Die Hard - Teu
Paeh-Paeh
d. Die Hard II -
Can Paeh Keneh
e. Die Hard III
With A Vengeance - Nya'an euy Hese Pisan Paehna
f. Bad Boys -
budag bedegong
g. Rocky - Osok
Neunggeulan Batur
h. Rain Man -
Lalaki Cicing di Bogor
i. Here's
Something About Marry - Ari Ceu Meri Teh Kunaon?
j. Mission
Impossible - Moal Bisa
k. Titanic - Tilelep
l. Paycheck -
Nganjuk Heula
m. Reign of Fire
- Beubeuleuman
n. Original Sin -
Tara Ka Mesjid
o. Sleepless In
Seattle - Cenghar Di Ciateul
p. Silence of The
Lambs - Embe Pundung
q. Ghost - Jurig
Kasep
r. Bad Boys -
Budak Baong
s. Are We There
Yet? - Lila Teuing Nepina Euy?
t. Home Alone -
Tinggaleun
u. Casablanca -
Mengkol Ti Sudirman
v. Gone In Sixty
Seconds - Indit Siah Kaditu!
w. The Awakening
- Hudang Sare
x. After The
Sunset - Tereh Maghrib
===
Kunti Jeung
Tukang Sado
Dina hiji peuting
kacaritakeun mang Udin tukang sado rek balik saenggeus mangkal di dayeuh, pas
keur ditengah jalan mang Udin nu euker mengendarai kuda supaya baik jalanya,
ningali aya awewe keur nangtung disisi jalan bari make baju bodas bari buukna
panjang nepi ka bujurna, ku mang udin ditanya:
"Neng bade
kamana wengi-wengi kieu'?". "Nya eta mang bade ka ka bojong
lopang" jawab na.
Tuluy singkat
carita eta awewe teh milu ka mang udin da kampung mang udin ngaliwatan kampung
nu rek dituju ku awewe eta. Pas nepi ka bojong lopang awewe eta turun bari
ngasongkeun duit 20,000,.
"Ah neng
sawios atuh" ceuk mang udin. Si awewe eta teu loba carita bari init kana
rungkun anu poek, barang teu lila mang udin kaget nempo duit 20,000 tadi rubah
jadi daun kararas, Bari nga gurutu mang Udin nyarita "Dasar Kunti
lanak",
teu lila sia wewe
eta bijil dei tina rungkun anu poek bari nyarita
"Dari pada
amang mah TUKANG SADO"
===
Kang Tito Utah di
Bes
Kang Tito urang
Kuningan rek ka Bandung, sabab tara naek mobil maklum urang desa
dina mobil bes
pinuh ku panumpang, manehna teu kuat hayang UTAH ,neangan keresek teu mawa,
untung manehna make kopeah, kang tito luak liek eweh nu nempoen, pikirna
borolo-borolo utah kana kopeah tuluy di tutupan ku saputangan saenggesna
utahmah manehna sare tibra naker.
CAHEM HABIS CAHEM
HABIS CEUK KENEKTUR kang tito rewas tuluy kopeah di pake atuh utah na rambay
kana sirahna sekian karunya Kang Tito.
===
Anu Lolong Jeung
Anu Gempor
Kacaritakeun aya
hiji sobat ti bubudak nepi ka gede teu bisa pisah, nu hiji lolong nu hiji deui
gempor, mun indit inditan pasti duanana arindit da puguh nu lolong bagian
ngagandong anu gempor bagian panunjuk jalan.
Hiji mangsa
harita liwat jambatan walungan;
Lolong :
"Sora aya anu mandi nya ?", pokna anu lolong.
Gempor:
"Heueuh !, cik rek nanya eta nu mandi teh awewe atawa lalaki ?"
Lolong :
"Nya pasti awewe lah !"
Gempor: "Ah
siah lolong-lolong ge nyaho ka awewe mah !,Naha maneh bet nyaho eta awewe,
memang tandana naon ?"
Lolong : "Ah
siamah dasar bego!, oneng! bin tolol!, pan eta tandana mah bobogaan maneh
ngaganjel dina tonggong aing!".
Gempor: "Aeh
Heueuh nya ! dasar ! teu kaop ninggali anu?"
No comments:
Post a Comment