24 Jan 2022

Fikmin Sunda: Rungsing

 Fikmin # Rungsing #


Balik ka imah, Imas keur anteng nyoo hape bari sura-seuri sorangan. Baroraah ngawulaan salaki anu karek datang ti pagawean. Nyadiakeun ci enteh keur salaki atuh atawa naon wae nu sakuduna dipigawe ku pamajikan umumna. Ieu mah hare-hare, teu nolih-nolih acan. 


Hoream loba omong, kuring nyokot gelas, nyicikeun cai di dispenser. teu kuat hanaang. Nginum tilu leguk, laju ka dapur, muka tudung saji, euweuh nanaon. "Teu masak, nyi?"


"Lah! teu parurun. Cararape! pesen we kaituh ka warteg di hareup!" tembalna teugeung. sigana ngarasa kaganggu. 


Kuring ukur ngarahuh. sok sanakan keuheul tur handeueul, ngingkig ka warteg, meuli deungeun sangu sapuratina. teu kuat lapar. 


Peuting datang, manehna ukur cindeluk di hareupeun tipi bari ngawakwak, nyarekan tokoh antagonis dina sinetron. teu sadar yen manehna teh tokoh antagonis dina kahirupan anu saenyana. kuring mah nyingkur di kamer, muka aplikasi wasap, ocon jeung si Nina, balad gawe anu someah, imut tur bageur taya bandinganana. Tong nyalahkeun kuring, salahkeun sakadang jikan!


***

NGUNDEUR PANINEUNGAN


Aya beja Mamah, urut mitoha gering. Struk ringan cenah mah. Sok sanajan aya basa 'urut mitoha' tapi kuring mah moal miceun. Katurug-turug urut mitoha teh bageur pisan. Pacéngkadan cukup antara kuring jeung manéhna. Jeung deuih kuring geus ngahampura dina poé dimana asih jeung duriat pegat ku tekokna palu hakim.


Isuk kénéh kuring geus nepi di RS. Dibejaan ku urut adi beuteung dimana perenahna si mamah teh. Nepi ka rohangan, kuring ngan ukur cumalimba hari nangkeup si mamah anu ngalempréh. "Neng geulis, sugan téh moal kadieu." Soantenna ngan ukur harewos. Deudeuh mamah.


Teu lila jol manehna datang. Bati ngajenghok nalika nempo kuring aya di dieu. Sajongjonan ngabetem. Antukna manehna nanya. "Lita cageur?"


"Alhamdulillah, mun teu cageur mah moal tiasa ngalongok kadieu. Akang damang?"


"Sae."


Ti harita kuring matuh ngalongok Mamah saminggu sakali. Remen papanggih jeung manehna. Nepi ka hiji poe kuring kabeneran ngalongok bada magrib. Manehna nanya, "Lita tos tuang?"


"Acan."


"Urang tuang pecel lele anu di pengkolan tea geuning. Wios si Mamah mah diantosan ku Rehan."


Kuring teu bisa nolak. Antukna dibonceng ku manehna. Ras inget tilu taun katukang mangsa babarengan. Sok remen paduduaan ngurilingan dayeuh. Kulineran mun ceuk barudak ayeuna mah. Maju ka isya, girimis ngepris, eureun di saung pecel lele anu perenahna di sisi jalan. Manehna pesen pecel lele dua porsi. Sabari nungguan pesenan datang, manehna anteb neuteup.


Aya panineungan anu nyaliara dina teuteup manehna. 


"Hampura akang," ceuk manehna bari ngaranggeum rema.


***


Fikmin # Bangor #


Poe ieu mah bagean maturan Om Nino sajongjonganeun mah. Ukur maturan nonton di bioskop mall, dituluykeun ngajugjug restoran jepang. Ti kamari kuring peupeujeuh. Hayang ngasaan susi, cekeng. Geus matuh ari geus wareg patuangan mah tinggal ngawaregkeun anu handapeun patuangan. Om Nino sok ngajak kahotel. Sajongjonganen oge. Tuluy sok remen ngajak balanja sagala. 


"Engke weungi nyalse teu, sayang?" saur Om Nino bari noel gado. 


"Engke wengi mah ngarengsekeun hanca skripsi atuh Om, teu tiasa diganggu gugat."


"Oh, wios atuh ari kitu mah." Wadul siah! kuring puguh geus pasini jeung Om Suparman, pangusaha jeung politikus anu keur manjing ti kota bogor. Pasti hadiahna leuwih gede si eta mah. Kamari ngadenge beja meunang proyek tender gede. Aheng kabina-bina. 


Kuring ngabarakatak. Hirup kuring pinuh kasenang.  Tuh tingal di juru kamar. Aya tas hermes kaluaran anyar. Eta mah hadiah ti Om Roy urang Cicaheum. Mangga ieu tingal arloji dina pigeulang, ieu mah hadiah ti Om Bastian urang Cimahi tea. Lain merk ecek-ecek atuh. Graff Diamonds Hallucination.


==

Fikmin # Berehan #


Nini Acih muka panto. Kerung ningali anu anyar datang.


"Abdi Ardi. Bade masihkeun sumbangan kanggo ibu. Sembako sapuratina."


"Gusti nu agung, asa mobok manggih gorowong, ujang. Ema teh puguh seep pisan beas poe ieu teh. Hatur nuhun ujang. Mugya Allah maparinan kabagjaan ka ujang. Ari itu saha ujang?" tanya Nini Acih bari nunjuk nu keur anteng nyekel kamera. Ngarekam.


"Oh, eta mah rerencangan. Nuju ngevlog.  Sok, ayeuna nini kudu guguyap kana kamera." Si Nini kerung. Tapi teu burung gugupay oge sok sanajan bingung. Naon maksudna ngevlog teh.


"Hai guys, kali ini kita ngebantu Nini Acih di kampung kita. Nini Acih ini hidup sebatang kara guys, makanya kita bantu. Kalo bukan kita, siapa lagi."


Geus beres, maranehna baralik ti saung Nini Acih. "Lumayan euy, konten piduiteun yeuh. Video munggaran kamari viewerna aya kana 3 juta mah. Urang kamari meunang lima belas juta euy. Tina hiji video eta teh. Lah, pira kari ngamodalan meuli sembako dua ratus rebo, bati mangjuta-juta."


"Hebat ari sia!"

Husni
Husni

Husni Magz adalah blog personal dari Husni Mubarok atau biasa dipanggil kang Uni. Cowok Sunda yang bibliomania. Menyukai dunia seni dan tentunya doyan nonton baca dan nulis.

No comments:

Post a Comment