Fikmin # Paamprok #
Geus samingguna kuring wawuh jeung manehna dina Facebook. Rupana hade, kulit bodas, panon cureuleuk cokelat kopi susu, biwir beureum jengger hayam dibarung imutna anu matak ranjug. Komo ari awak mah, sampulur teu aya cawadeunana. Teu beda lir ibarat widadari turun ti sawarga.
"Neng, urang patepang, yu," ceuk kuring dina inbok fesbuk.
"Alim ah. Eneng mah isin," tembalna bari dibarung ku emotikon imut.
"Ih, naha make isin. Urang patepang yu di kafe 'Kadeudeuh.' “
Singetna, kuring sapuk jeung manehna patepang di eta kafe. Jam lima sore, anu diantos can ngelol wae. 'Na meni lila-lila teuing si Eneng geulis teh. Piraku bedo mah,' gerentes teh.
Teu lila jol hiji awewe lintuh gagadiblegan. Gek diuk dina korsi nu geus sayagi hareupeun pisan. Buukna galing murengkel.
“Kang Parman?” Kuring tibat ungglek. “Abdi Eneng!”
Kuring olohok. Manehna leuwih olohok bari nengetan kuring bari pok nyawad, “Geuning benten sareng poto profil facebook.”
===
Fikmin # Nyoo Hape
"Cik atuh, nyinglar kaituh. Tong cicing di imah wae, Juned!" mitoha ngadadak datang ti hareup bari nyureng. Kuraweud.
Kuring olohok. "Nyinglar kamana?"
"Neangan kipayah jeung resiko dapur. Piraku pamajikan sia rek diparaban huut! Geus ampir samingguna maneh teu ngider ngojeg. Na atuh boga minantu teh teu boga kahayang.”
"Ieu ge keur gawe, Emak!"
"Gawe naon! Ti kamari tembong teh ukur nyonyoo hape we. Unggal waktu tungkul kana hape. Uyuhan eta panon teu lamur oge!"
Jok pamajikan ti beulah tukang. Beres kuprak keprek di dapur. "Emak, si akang teh pan ayeuna mah damelna trading!"
“Naon trading teh?”
“Duka, da Euis ge teu apal. Tanya tah si akang.”
. ==
Fikmin # Facebook Aki #
Aki keukeuh menta pangnyieunkeun akun facebook. Kuring teu malire kahayangnya. Bisa matak ngabalukarkeun madarat, pikir teh. "Teu bisa ki, kudu make imel," ceukeng teh ngaluarkeun alesan. Bohong anu aya, sabenerna mah nyieun akun facebook teh gampang pisan ayeuna mah, ukur boga nomor hape oge bisa nyieun akun lima menit.
"Sok atuh pangnyieunkeun imelna." Aki keukeuh.
"Teu bisa ki, nyieun imel mah lila, aya kana samingguna mah," tembal teh. Ngawadul deui. Dua poe ti harita aki datang deui bari nyureng. "Geuning ceuk si Juned, nyieun Facebook teh bisa make nomor hape. Ngawadul sia teh ka kolot, Sujang!"
Kapaksa. kudu nyieun akun facebook kanggo Aki. Teu nempo kana umur asi aki-aki teh. "Jang naon atuh aki teh make hayang boga Facebook?" tanya teh bari kerung.
"Ah, sok loba tanya maneh mah. Pa Kuwu oge bogaeun facebook. Komo Pak RT."
"Pan Pak Kuwu sareng Pa RT mah aranom keneh, Aki!"
"Gancang ieuh! tong make loba tunya-tanya. Sia mah kawas koramil wae, loba tatanya."
Kapaksa ieu mah. Kuring daftar akun facebook anyar make nomor aki. Sanggeus jadi, Aki beuki motah tatanya itu ieu. Kumaha ganti ngaran, kumaha ganti foto profil, kumaha ngirim foto, kumaha nyieun status, rea pananyana.
Saminggu satos nyieun facebook, aki datang deui bari ngagigiwing hape. Rek naon deui yeh aki-aki teh. "Sujang! nginjem hape maneh."
"Jang naon sih! Ari si Aki!"
"Jang selpi," tembalna bari nyerengeh. Tibat tembong gusi hungkul da waosna seep caroplok.
"Gusti! rek nanahaon atuh make selpi aki! Eta hape aki oge aya kamera koh?"
"Jore kamera hape aki mah. Pan hape maneh mah merek pipo. Leuwih hade."
Duh, gusti, sigana mah si aki teh kasambet
=
Fikmin # Kataji #
Unggal isuk kadenge sora gerung motor di hareupeun imah. Tuluy dibarung ku sora mangkok ditarokan sendok. ‘Ting…Ting…Ting… Tanda Kang Darman, tukang bubur ayam geus datang.
Kuring ngorejat, bari los ka dapur, ngagigiwing mangkok. Los ka kamer, nyokot loket, ngagigiwing duit. “Antosan kang Darman!”
“Nya, mangga Neng,” tembal Mang Darman dibarung ku imut. Duh, eta imutna anu sok mepende impenan kuring saban peuting.
Kuring rek balaka. Kuring boga rasa ka Kang Darman. Enya, Kang Darman tukang bubur ayam tea. Paduli teh teuing mun tatangga pada ngaharewos, pajar cenah teu pantes anak juragan bebene jeung tukang bubur ayam. Lah, siga nu enya maranehna ngarti kana perkara duriat jeung cinta. Pikeun kuring mah, cinta mah teu mandang harta. Nu penting satia.
“Sapertos biasa, Neng Euis?” Kang Darman naros. Duh, eta imutna mani teu pegat-pegat.
“Muhun, sing seueur kurupukna nya kang.”
=
#Fikmin # Bapa
Aya beja ti Ceu Eti cenah Bapa gering parna. Duka gering naon paduli teh teuing. Tapi emak keukeuh nitah nganjang ka imah Bapa di Banjar.
“Jig, Jang. Tepungan Bapa maneh kaituh. Sok sanajan Bapa maneh lain jalema bener, euweuh basa urut Bapa,” ceuk Ema bari reumbay cimata.
Kuring ngahelas. Ras inget mangsa katukang. Basa Bapa ninggalkeun Ema jeung kuring anu meujeuhna bilatung dulang. Kabengbat ku rangda Bengsrat. Welasan taun Bapa teu malire. Teu ucul duit saperak-perak acan pikeun ngawaragadan sakola kuring. Antukna Ema ngalakonan sagala pajabakan demi kuring. Ngagosok di imah tatangga, ngarambet di sawah pak haji, jeung sajabana.
“Jig, tepungan Bapa maneh, jang,” Ema masih keneh reumbay cimata. Kuring ngelehan, ngajugjug imah Bapa di banjar. Amprok jeung manehna. Bapa nginghak bari reumbay cimata. Anehnya, kaijid jeung kakeuheul musnah harita. Padudua, kuring jeung Bapa, reumbay cimata.
“Cukup Bapa maneh anu doraka. Maneh tong pipilueun jadi doraka.” Sora Ema antra pisan.
==
Fikmin # Indung #
“Mamah rek balaka ka Eneng. Nu saenyana mah, Mamah teh sanes nu ngandung Eneng. Mamah mah mun ukur dipaparinan amanah ku Gusti Allah pikeun ngarawat hidep.”
Hate asa digerihan harita keneh. Pipi reumbay cimata. “Saha atuh indung Eneng teh?”
Mamah ngarenghap sakejapan. “Duka, puguh Mamah ge teu terang.” Tuluy norolong ngadongengkeun lalakon kahirupan kuring. Nalika Mamah nimu kardus anu eusina orok beureum di hareupeun kontrakan tempat padumukan. Nalika Mamah reumbay cimata kusabab piduana geus diijabah ku Mantenna. Welasan tahun hirup pinuh ku ka melang pedah can bisa ngabudalkeun cinta ka nu garanna anak.
Ti harita, mamah geus nekadkeun rek ngarawat kuring nepi ka junun. Malah mandar dianggap anak sorangan.
No comments:
Post a Comment