Si Encep bingung kabina-bina. Rek teu bingung kumaha, duit dina dompet geus beak, komo deui ari beas di leuit mah. Kusabab kitu, si Euis murukusunu wae, nitah Si Encep neangan duit jang meuli beas.
“Nginjem atuh ti kang Salman, kang!” ceuk si Euis.
“Hutang bulan kamari oge ka Kang Salman can dibayar,” tembal Encep bari mikir, kira-kira ka saha deui manehna bisa nyarandekeun pangharepan.
“Nyokot heula beas wae ka warung bi Ecih,” Euis teu beak karep.
“Kan geus mindeng eta oge, era atuh ari kudu ngahutang deui ka Bi Ecih mah.”
“Woyahna we atuh, poe ieu mah puasa kang, nginum cai we, hungkul.”
Peuting harita, si Encep mikir, sigana ari geus teu boga deui pangharepan kieu mah, euweuh deui jalan lian ti madog.
Si Encep mikir, saha kira-kira jalema anu pantes digadabah harta bandana. Keur mikir teh, ujug-ujug norojol ngaran ki Uha dina uteukna. Ah, enya, Ki Uha target teh. Jalema beughar anu koret mah pantes ieuh digadabah, gerentes si Encep.
Peuting harita keneh, si Encep gura-giru kaluar ti imah, teu poho make kerepus hideung. Kalacat tina jojodog, maber ka kebon nu poek mongkleng, kawetankeun, ngajugjug imah sigrong Haji Uha tea.
***
Si Encep meni keketeyepan, nerekel kana tangkal sawo, asup ka loteng, tuluy mapay-mapay loteng. Kolotrek, jandela dicongkel. Geuning eta teh kamer kosong. Kusabab si Encep teu ati-ati, namehna najong balastrang nepi ka ngagolentrang antra pisan.
Harita, aya sora lengkah di sagigireun kamer. “Aeh….ucing teh ngadon asup ka gudang nya, pis! Pis!” haok Haji Uha, disangkana eta teh ucing.
Si Encep ngadeg-deg. Tapi manehna teu beak polah. Kudu api-api jadi ucing ieu mah, gerentes hatena. Ari pek manehnya nyora…” Uciiing…..uuucingg…..” sorana ngahaja ngirung sangkan disangka ucing. Ucing kajajaden.
Maksud manehna arek nurutan sora ucing ‘meong-meong’ kalahkah pahili jadi ngomong ‘ucing’ bakat gu geumpeur.
Bogor, 2112021
JURIG MILU HITUT
Sedut, si Epon hitut dibarung ku seuri nyeuleukeuteuk bangun nu ngeunah. Bujurna rada ditonggengkeun, atuh bauna kamana-mana.
Lanceukna, si Eros meni kukulutus bangun ambek pisan. Da kabuktian geuning bauna kaambeu. Pantes wae bauna kabina-bina, kumargi geus ngadahar bubuy hui cilembu tea.
"Kabiasaan sia mah Epon, ari hitut teh tara ditahan, jegar-jegur wae siga bom nagasaki hirosima," ceuk si Eros teugeung.
"Ih Euceu mah siga nu teu apal wae, Saur pa Guru Dadang ge, hitut teh sehat."
"Sehat bujur sia. Kuring kapiuhan ku bauna. Leuheung mun seungit!" tembal Si Eros jamotrot.
"Ieu ge seungit da Euceu!" tembal si Epon bari ngibring-ngibring erokna. Huh, si Epon mah kabiasaan sok nyiar-nyiar pikakeuheuleun lanceukna.
Jegur! geuning si Eros hitut deui. "Sia teh tuman Eros! Geus dicaram kalah ngahajakeun!"
"Eta mah lain abi! Duka! geuning ti kolong sadana," tembal si Epon. Da geuning enya sora hitut teh jolna ti kolong. Maenya aya anjing hitut. Biasana si Bleki sok ngadon ngaringkuk di kolong palupuh teh.
"Kuring eta mah. Bogan jalema sia ngabekok aing. aing ge bisa bekok!" geuning aya nu nembal ti handap palupuh. Sora lalaki, tapi gede sorana teh.
"Saha eta?" tanya si Eros jeung si Epon bareng.
"Jin Iprit!"
Rey! paromanan Eros jeung Epon geuneuk kabina-bina. Ngan sawer-wereun ngompol na calana.
SARJANA NGUKUT DOMBA
Jol si Yusro ti beulah lebak bari manggul ki seureuh parab lima domba manehna anu aya di kandang pipireun imah. Nalika manehna ngecagkeun tanggungan, Bi Isah norojol ti lebak mamawa ember anu pinuh ku seuseuhan. Sigana mah balik nyeuseuh tah bi Isah teh.
"Maneh mah asa ku araraneh Yusro," ceuk Bi isah teh bari nyeuleukeuteuk seuri.
"Na aneh kunaon atuh ibi?" ceuk Si Yusro bari kerung. Aneh ku polah bi Isah nu siga nyeungseurikeun manehna.
"Heueuh atuh maneh teh apan sakola di kota. geuning ayeuna mah jadi sarjana. sugan teh rek jadi guru cara indung bapa maneh. Har, kalahkah ngukut domba."
Eta beungeut si Yusro jadi beureum balas ku era diomong kitu ku bi Isah. "Atuda ibi, jaman ayeuna mah jadi sarjana teh lain jaminan meunang gawe nu hade. Pan loba ayeuna mah sarjana nganggur. Tibatan nganggur euweuh pagawean, mending ngukut domba."
"Ah, asa teu pantes ceuk ibi mah," tembal bi Isah bari seuri. Bangun nu seneng pisan ngajejeleh si Yusro teh.
"Geuning si Sarkim, budak Bi Isah teu jadi ajengan?"
"Naha geuning nanya kitu?"
"Heueuh, pan biasana ari santri mah sok jadi ajengan lain. Padahal si Sarkim teh mun teu salah mah nyantrina kana welasan tahun, geuning henteu junun jadi ajengan putra ibi teh?"
Bi isah ukur ngabetem. Era sorangan. Ngelesed nuluykeun lengkah bari teu sora kecet-kecet acan. Era ku panembal Yusro.
BALIK TI KOTA
Ari geus balik ti kota mah, Nasir teh sok make basa indonesia wae nalika ngobrol jeung urang kampung teh. Ngan hanjakalna, ngomongna teh sapok-pokeun bae, sakapeung mah cawadeun jeung pikaseurieun pisan.
Harita, si Nasir ditanya ku si Usro, "Nasir, maneh kamari balik ka dieu numpak naon?"
"Saya kemarin teh numpak beus yang besar kabina-bina. Dari mulai kenaikan sampai keturunan tidak mendapatkan kedudukan. Saking pinuhnya beus."
Si Usro bati olohok ngadenge panembal Nasir teh. Teu ngarti naon anu diomongkeun ku si Nasir bieu.
Kemarin Besok-Besok
Nasir kakarek balik ti kota. Cenah mah gawena teh di kota di kantor gubernur. Teu dibalakakeun yen manehna teh ngan saukur tukang bebersih jeung tukang diutuh etah. Cindekna mah jadi jongos eta si Nasir teh.
“Nasir, naon gawe teh di kota?’ ceuk balad-baladna di kampung anu biasana gawe malen.
“Saya sebagai office boy,” tembal si Nasir make bahasa Indonesia bari bungah. Ceuk pikiranna, moal ngalartieun ieuh naon nu di maksud office boy teh.
“Ari maneh balik iraha?”
Si Nasir ngahuleng. Asa poho naon bahasa indonesiana isuk-isuk. Ah, ceuk pikirna, isuk teh kan basa indonesiana besok. Jadi, mun isuk-isuk basa indonesiana besok-besok.
“Eh, si nasir ditaros teh kalah ngahuleng. Maneh iraha balik kadieu?
“Kemarin besok-besok,” ceuk si Nasir.
Walakwak, babaturannya pada seuri gogonjakan. “Heuheuy deudeuh, Nasir, lain besok-besok, tapi pagi-pagi. Tong gaya make basa Indonesia geura.”
Bogor, 2-2-2021
No comments:
Post a Comment